Artikel

“NGABECA”

Djamu Kertabudhi. Ft net


Cenah ceuk ti pusat ieu mah, kamiskinan teh aya dua rupa nyaeta kamiskinan struktural jeung kamiskinan kultural.

Teu kudu dijentrekeun hiji-hiji da lain di kelas, ieu mah kuring boga pangalaman waktu mancen gawe di pamarentahan, kakarak ngarti geuning ieu nu disebut kamiskinan kultural teh.

Harita poe libur di ajak shoping ku indung budak ka alun-akun Bandung. Biasa ka sebut lalaki mah soK haroream nutur-nutur pamajikan balanja teh. Eta we lamun meuli hiji barang kudu ngurililing heula. Jadi cape. Harita mah kuring boga alesan teu milu ka jero swalayan, kajeun nungguan diluar (sisi jalan). Lantaran geus katempo ku indung budak ti imah keneh leumpang rada cingked nyebutkeun mah karasa reumatik weh .

Padahal mah aya nu ngaganjel dina jero sapatu sebeulah. Rumasa peutingna nilepkeun duit panyesaan dina kaos kaki teu kaburu ka aman keun. Lantaran waktu rek indit kuring keur make kaos kaki jeung di sapatu indung budak bari nempo deuih. Atuh bener we pas leumpang teh rada teu merenah.

Keur nungguan di sisi jalan bari udud, katempo ngajajar tukang becak keur ngetem. Ujug-ujug jorojoy we hayang nyampeurkeun bari rek mere roko, sabungkus dibagikeun. Tara tisasari jadi ngadadak bageur boa ka asupan malaikat (lamun enya teh, nu pasti mah lain malaikat ijro’il, palias teuing). Bari ngawangkong ngaler ngidul. “Ari urang geus sabaraha lila ngabeca” ceuk kuring nanya ti heula. “Upami percanten pun aki, jeung pun bapa kapungkur sami pakasaban teh ngabeca. Saur pun bapa, alas urang mah ngabeca, jeung bagian rezeki urang ngan sakitu, tarimakeun jeung cing junun”. Kuring asa ngahelas. “Lain lur aya kahayang jang ngarobah ka ayaan ?” Tempas kuring, kawas keur nyaleg wae.

“Teu aya emutan kadinya, margi abdi mah teu gaduh ka akhlian nanaon, pangabisa teh mung ngaboseh we. Sakola oge ngan nepi ka kelas 3 SD”. Rada anteb nyaritana teh, narimakeun. “Ke urang hayang boga ka akhlian naon kitu ? Ieu mah itung-itung ngalamun we”. ” Nyaeta kahayang ti bubudak mah hayang bisa ngomean motor jadi pagawe bengkel”. Duh geuning rada de’et cita-citana teh. Harita mah kuring boga pengaweruh teu talangke deui, langsung nelepon ka Kepala Balai Latihan Kerja di Lembang. Nanyakeun taun ieu aya program latihan naon wae jang masyarakat. Hanjakal ngan aya program kursus keterampilan panday beusi nyieun pakarang saperti pacul, kored, bedog, peso jeung sajabana. Pas ditawarkeun ka maranehna puguh we rada ngaharuleng. “Ke pa pakasaban abdi mah koreh-koreh cok, meunang sabaraha oge sapoe ditungguan ku se’eng nyengsreng, kumaha tah pa”. Kieu lur, ieu kursus teh lilana tilu bulan, di asramakeun hartina sare jeung dahar disadiakeun. Malah aya uang saku sagala. Ieu mah keur bajoang urang teh, tangtu kudu aya pangorbanan. Lamun bisa jang anak pamajikan mah atur-atur tina uang saku, komo lamun bisa mah dititipkeun heula we ka mitoha atuh” Tempas kuring. Cindekna maranehna panuju rek miluan kursus. Geus dua bulan ti harita, kuring merlukeun ngalongok ka lembang nempo ka ayaan maranehna. Milu bungah, katempo aya “perbaikan gizi” mararontok tur sehat deuih, baretaheun geuning.
Sawatara sataun ti harita, kuring diajak deui ku indung budak balanja ka Alun-alun Bandung. Biasa saperti ti heula kuring teu milu balanja nungguan deui diluar, ngan ayeuna mah leumpang teu cingked. Lantaran urusan duit panyesaan mah diteundeun di tempat anu leuwih aman. Kuring rada kerung nempo beulah katuhu aya beca ngajajar, tukang becana asa wawuh. Sihoreng anu milu kursus panday beusi tea. Langsung maranehna munjungan, “ke kuring teu ngarti naha jadi balik deui ka asal ? “.
” Nyaeta pa waktos di asrama keneh marantena teh ngajangjikeun ka abdi saparakanca upami tos rengse pendidikan baris di pasihan bantuan modal. Tapi diantos tos sataunna teu aya geuning. Rupina emut ka pun bapa abdi mah teureuh tukang beca nya uih deui we ngabeca”. Duh paingan atuh. Padahal mah ceuk nu pinter, aeh ceuk nu bodo, program pemberdayaan masyarakat anu hukumna wajib dilakonan ku pamarentah kudu aya “sinkronisasi” Program masing-masing unit kerja di pemda. Hartina saperti BLK aya program latihan keterampilan, dirojong ku Dinas Koperasi nyiapkeun bantuan modal, Dinas Perdagangan & Perindustrian nyiapkeun bantuan sarana & alat produksina, Dinas Pariwisata mantuan promosi & masarkeunana, jeung nu lianna. Ieu mah pemda teh masih pabuis keneh. Antukna kuduna pamarentah teh wajib bisa nyiptakeun wirasawasta anyar, ieu mah ceuk nu heureuy kalahka nu ngurunyung wira suadma. Cag. Wassalam. (Kang JK).

Click to comment

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

To Top